Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2018

Prosès Pangempelan Data.

Ku: Yusni Tria Yunda. Waktos masihan kasempetan pikeun sababaraha komponèn nu kabaseuhan bieu (di lebet sirkuit), pikeun ngicalkeun èfèk tina ayana cai nu lebet nembè. Buktosna, saparantos diantepkeun sababaraha lami, HaPè tiasa ngageter deui mangsa baterè dilebetkeun, jeung tombol kontak pawer dihurungkeun (diteken). Namung geteranna kirang stabil (robih-robih tèmpo ngageterna daripada mangsa eukeur normal, jeung tampilanna teu acan bijil. Hartosna: Dina gajala psikis jalmi, mangsa hiji kara ngalirna, aya kamungkinan ngalaman syok, kareuwas, sahingga teu acan tiasa ngalakukeun fungsi-fungsi kagunaan ti pirang-pirang bagèan diri sacara sakedahna sakumaha biasa. Ieu sapertos ogè dina kara hidayah. 1. Hiji jalmi tiasa cicing saheulaanan, ngahuleng sakedap, mangsa mikaterang ayana hiji hakèkat kabener anu mana dirina eukeur aya di luar kabener nu disebatkeun nembè. Tiasa janten ngaraos kaduhung, ngalamun sakedap, sabab teu ti kapungkur ngancik di ditu, tiasa janten ngaraos isin